Celempung ( Ind.:Celempung), nya éta salah sahiji waditra tradisional Sunda daèrah Jawa Barat anu cara maénkeunana ditabeuh.[1] Waditra ieu miboga pungsi sarua jeung kendang nya éta miboga pungsi pikeun ngatur irama lagu. [1]Wangun penyajian waditra Celempung biasana disebut Celempungan. Ilaharna dina pintonan celempungan sok dilengkepan ku sababaraha waditra taradisional séjénna nya éta kacapi, rebab, atawa suling jeung goong buyung. [1]
Bahan nu dijieun pikeun celempung nya éta tina(awi gombong), ukuran diameter l.k.20cm, panjang l.k.40cm.[2] Biasana nyieun celempung tina awi gombong. [1]
Awina disopak heula jeung ditengah-tengah sopakan diliangan (samodel)
kohkol, sisi sopakan hinisna kenca-katuhu dicokel anu engkena minangka
jadi senarna, jeung supaya bisa ngeleter disadana. [3].Nu
dijadikeun bagian luhur (beungeutna) ditatah atawa diratakeun, bagian
tengah diliangan ngarah suara senar agem dijero tabung; kaduana senar
diatur nada-nadana, nya éta galimer (1/da dan 4/ti) atawa nada-nada nu
lian gumantung nu ngajieun. [2]
Celempung mangrupa alat musik meunang niron tina Icikibung, nya éta sora kaulinan tradisional nu mangrupa tabeuhan dampal panangan jeung gerak siku di luhur cai nepi ka ngaluarkeun sora-sora anu has.[1] Kaulinan ieu biasana dipaénkeun ku para wanoja anu keur mandi di walungan.[1] Sora-sora tina kaulinan icikibung ieu ditiron jeung dipindahkeun jadi waditra nu dijieun tina awi gedé (awi gombong) nu disebut celempung. [1]
Bagian-bagian celempung ngawengku sirah, panutup gigir beulah kenca, pongpok, panutup beulah katuhu kedua utas sembilu salaku senar, talingkup, panyambung dua senar, nawa, salaku liang sora, baham, salaku tempat ngola sora. [1]
Cara nyieun celempung, kahiji pilih saleunjeur awi gedé (awi gombong) anu umurna geus kolot sangkan teu bubuk.[rujukan?] Leunjeuran awi diukur tuluy disebit pikeun dijadikeun senar.[rujukan?] Dua senar éta disebut alur celempung. Dina bagian beungeutna diratakeun, sarta tuluy diliangan.[rujukan?] Liang anu dijieun téh dingaranan nawa, pungsina pikeun liang hawa.[rujukan?] Dina bagian gigirna ge dijieun liang deui nu miboga pungsi pikeun ngolah sora ku dampal panangan kiwa, nu dingaranan baham.[rujukan?]
Tidak ada komentar:
Posting Komentar